Hamburg, April 2007
01. Tepang Asih
02. Dengkleung (Ayun Ambing)
03. Dareuda
04. Bandung Lembang
05. Sorban Palid
06. Kalangkang
Click to play:
[01. Tepang Asih]
Sanggian: Bakang Abubakar
Lagam: Cianjuran, Kawih
Wanda: Panambih
-----
Tepang asih, tepang asih
tepang geurah ku kabungah
nyanding sekar pangwilujeng
wilujeng ka anu lenggah
Tepang asih, tepang asih
tepang geurah ku kabungah
sumangga sing raos lenggah
sumangga sing raos manah
Gempung riung jeung hariring
ngahariring wening gending
mugi bagja sadayana
waluya salalamina.
[02. Dengkleung (Ayun Ambing)]
Ari, ari ayun ari ayun, deudeuh ayun ambing
Lampah, lampah londok ku urang kudu ditiru
bisa jadi bodas, bisa oge jadi hejo
Ayun, ayun ambing, diayun-ayun ku samping
Lampah, lampah londok ku urang kudu ditiru
bisa jadi bodas, bisa oge jadi hejo
Dengkleung, dengkleung dengdek, buah kopi raranggeuyan
Ingkeun saderek, ulah pati di heureuyan
Dengkleung, dengkleung dengdek, dahan kopi diteukteukan
Ingkeun saderek, ulah pati dideukeutan
Lampah, lampah londok, ku urang kudu ditiru
bisa salin rupa, bisa hideung bisa hejo
[03. Dareuda]
Sanggian: Saodah Harnadi Natakusumah
Lagam: Cianjuran, Kawih
Wanda: Panambih
-----
Aduh ieung kamana nya nyiar payung,
sakieu mah sakieu panas poena.
Aduh ieung kamana nya nyiar tulung,
sakieu mah aduh panas hatena.
Cacabean dunungan sareng areuyna,
dipelak luhureun bonteng.
Hahadean abdi teh sareng anjeunna,
lami-lami kunaon bae janten goreng.
Kahoyong mah hoyong ngeupah daun seureuh,
ngarah beureum, ngarah beureum biwir abdi.
Kahayang mah dipikanyaah beubeureuh,
ngarah tengtrem aduh da pikir abdi
Panitih mah panitih matana opat,
nu hiji matana inten.
Upami mah abdi teu seueur kalepat,
mugi kersa salira da ngahapunten.
Bongan bangkong, bongan bangkong bongan bangkong,
ka cai mah ka cai rek dimandikeun.
Bongan bohong, bongan bohong bongan bohong,
pas ini mah aduh rek dijadikeun.
Kuma suling dunungan nya kuma suling,
suling teh ngan silung wae.
Kuma kuring dunungan nya kuma kuring,
kuring teh ngan bingung wae aduh ngan bingung wae.
[04. Bandung Lembang]
Sanggian: ???
Lagam: Cianjuran, Kawih
Wanda: Panambih
-----
Bandung Lembang puseur kaendahan
diriung ku gunung-gunung
gunung sasakala Sunda
Sunda jaya nu baheula
Paniisan.. pangjugjugan..
pangbeberah nu keur susah
panyinglar sungkawa manah
musnah ku hawana gunung
[05. Sorban Palid]
Sanggian: ???
Lagam: Cianjuran, Kawih
Wanda: Panambih
-----
Akang haji sorban palid, palidna ka Cilamaya
akang haji sumangga calik nyanggakeun mah saaya-aya
Akang haji sorban palid, palidna ka Cikapundung
akang haji kunaon balik, ulah hilap dalila pundung
Kaso poondok kaso panjang, kaso ngaroyong ka jalan
najan sono, najan heman, teu sae ngobrol di jalan
kaso pondok kaso panjang, kaso ngaroyong ka jalan
sono mondok, sono mantel, sono patepang di jalan.
[06. Kalangkang]
Sanggian: Nano S.
Lagam: Degung, Kawih
-----
Mungguhing dina impenan
Geuning sakitu deudeuhna
Kanyaah nu wening bersih
Satia jadi kakasih
Mungguhing dina impenan
Geuning sakitu leahna
Pamenteu marahmay manis
Teu isin ka ambung damis
Rambut panjang, nu ngarumbay
Disangkeh panangan nyampay
Lalaunan, raray tanggah
Rangkulan karaos pageuh
Luhur pasir tepung geten
Perlambang asih nu mekar
Kabagjaan nu duaan.....nu duaan
Hanjakal …hanjakal teuing
Endah ngan ukur kalangkang…
Hareupan ……hareupan … diri
Sing nyanding jeung kanyataan
München, 2004
08. Sekar Manis
09. Hamdan
10. Es Lilin
11. Lembur Kakasih
12. Sekar Duaan
Click to play:
[06-SEKAR MANIS]
Sanggian: Saodah Harnadi Natakusumah
---
Ku lucu malati, nu aya di taman-taman sari (2x)
hiur seungit nu manis, nu geulis Putri Mantili (2x)
Ku hegar ermawar, nu aya di taman-taman sekar (2x)
sedeng mangkak bareukah, aduh manis jeung dahlia (2x)
Ku lucu wong ayu, nu geulis Putri-putri Rengganis (2x)
teuneung ludeung teuteupna, kasep ti Lokapala (2x)
[07-HAMDAN]
Sanggian: Koko Koswara, Wahyu Wibisana
---
Hamdan lirobbil 'alamiin
Alloohu rohman wa rohiim
qod qorruba fathul mubiin
Innahu huwa sami'ul aliim
Puji kagungan Pangeran
Nu Maha Welas tur Heman
Gusti mangka muka pura bagja
Allooh ya Robbi manten-Na Maha Uninga
Solawat-solawatan
barokat-barokatan
'alaa Muhammad rosulih
wa 'alaa aali wa shohbih
Salam sinareng solawat
muga netes ka Muhammad
natrat ka para karabat
para ahli jeung sahabat
[08-ES LILIN]
Sanggian: ???
---
Es lilin mah ceuceu kalapa muda
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin ceuceu samar kaduga
sok sieun mah aduuh henteu ngajadi
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandakna geuningan ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduuh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana
Kamana mah dunungan ngaitkeun cingcin
ka kaler mah ka kaler katojo bolan
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
sakieu mah aduuh panas hatena.
[09-LEMBUR KAKASIH]
Sanggian: ???
---
Tuh, pengkolan anu bras kajalan gede
nu mawa guligah hate
tuh, cirina tangkal anu ngarandakah
nu linduh tempat bumetah
tuh, lemburna kahalang sawah jeung pasir
nu mawa seredet geter
tuh, walungan nu bersih herang caina
sawening rasa cintana
didinya gelarna cinta munggaran
didinya harepan mekar kembangan
endah panineungan teu kasilih pedah pisah
tumapel teu ilang-ilang nembongan satiap waktu
duriat mancang
kakangen manteng
lembur teh lemah kakasih pangancikan pangbalikan
welas hate wening bersih
[10-SEKAR DUAAN]
Sanggian: ???
---
Gunung Guntur (2x)
jalanna ka peupeuntasan (2x)
Amit mundur (2x)
Wireh bade parantosan (2x)
Congcorang si walang sembah
walang sungsang walang sangit (2x)
Nyongcolang ka sakuliah
Tembang Sunda ulah leungit (2x)
Saninten buah saninten
dicandak ka parapatan (2x)
Hapunten abdi hapunten
bilih aya kalepatan (2x)
Gunung Guntur (2x)
jalanna ka Palasari (2x)
Amit mundur (2x)
sugan jaga tepang deui (2x)
Recent comments